Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Lagu Kawih Kaulinan Barudak Sunda Jaman Baheula Kumplit

Assalau’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh
Piraku teuing urang Sunda henteu reu-eus sareng bangga ku ka-sunda-an nana,komo deui mopohokeun kana seni budayana anu sakitu lobana,sanajan tuntutan jaman anu kiwari gampang ngaruksak kana kaluhungan,ka-ahengan tatanan Budaya Sunda boh tina lingkungan pergaulan,media informasi oge anu manghanjakalkeun Urang Sunda ngahaja ngaleungitkeun jati diri ka-Sunda-an nana boh tina Bahasa, kesenian-na komo deui tingkah polahna.

Ku hal ieu simkuring anu asli pituin asli turunan Ki Sunda,ngaraos ngagaduhan tanggelwaler dina ngamumule seni Budaya Sunda saluyu sareng kamampuan,umajak kapalawargi sadaya hayu tanjeurkeun Seni Budaya urang,sanaos simkuring oge tebih pisan tina adiluhung-na Budaya Sunda,namung tamada ka palawargi dina kakirangan,hapunten boh sok bilih seratan ieu tebih tina undak-unduk bahasana,mudah-mudahan inohong Budaya Sunda,akademisi Sastra Sunda kersa ngoreksi tina kalepatan oge kakirangan.

Sok emut jaman kapungkur,rasa rus-ras wa-rara-as ngimpleng dina kahirupan sapopoe nuju alit,boh dina kaulinan,ka-kawih-an sagalarupina alami atanapi natural,sapaertos anu ngahaja ku simkuring dikumpulkeun malah mandar janten pangemut oge sugan barudak jaman kiwari wanoh komo kersa sareng prak-na.

Iue sadayana anu kalakonan ku simkuring,kakawihan sanesna mangga milari di blog sanes,oge mangga aos posting anu sanesna dihandap,Mangga Nyanggakeun.
- Orang Sunda Wajib Berbahasa Sunda Tiap Hari Rabu
- Pupuh Sunda Lengkap Dengan Jenis Dan Contohnya
- Peribahasa Sunda Atau Paribasa-Babasan Sunda

Kawih Kaulinan Barudak Sunda Jaman Baheula :
Sur Ser
Sur ser sur ser…angeun aing acan asak
disuluhan ku kanyere…kanyere meunang meulahan
Meulahan ku peso raut
Peso raut gagang tanduk
dug dug bro dug dug bro
angeun aing gera asak

Tokecang
Tokecang-tokecang Balagendil tosblong
Angeun kacang-angeun kacang sapariuk kosong
Hayang teuing angeun waluh
Angeun waluh di oncoman
Hayang teuing gera wawuh
Geus Wawuh rek di oconan

Cingciripit
Cingciripit tulang bajing
Cingciripit kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseukeutna
Jol Pa Dalang
Mawa wayang jrek-jrek nong

Cingcangkeling
Cingcangkeling
Manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong Bapa satar buleneng

Jaleuleuja
Jaleuleu ja tulak tu ja eman…gog
Seureuh leuweung…bay
Jambe kolot…bug
Ucing katinggang songsong…ngek

Eunduk-Eundukan
Endeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Trang Trang Kolentrang
Trang trang kolentrang
Si londok paeh nundutan
Mesat gobang kabuyutan
Tikusruk kana durukan

Urang Arulin
Yu Batur Urang Ulin Ka Cibadak
Yu batur urang ulin ka Cibadak
Ah embung sieuna badak nu kamari
Geus euweuh geus dibedil ku si Jendil
Ndil ndilong si Jending dirawu kelong

Bang Kalima-lima Gobang
Bang kalima-lima gobang bang Bangkong di tengah sawah…wah
Wahey tukang bajigur…gur
Guru sakola desa…sa
Saban poe ngajar…jar
Jarum paranti ngaput…put
Puteri nu gareulis…lis
Lisung kadua halu…lu
Luhur kapal udara…ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun opat hiji…ji
Haji rek ka mekah…kah
Kahar tujuh rebu…bu
Buah meunang ngala…la
Lauk meunang nyobek…bek
Beker meunang muter…ter
Terus ka Cipaten…ten
Pena gagang kalam…lam
Lampu eujeung damar…mar
Mari kueh hoho…ho
Hotel pamandangan…ngan
Ngantos kanjeng dalem…lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

Punten Mangga

Punten…mangga
Ari ga… gatot gaca
Ari ca… cau ambon
Ari bon… bonteng asak
Ari sak… sakit perut
Ari ruj.. rujak asem
Ari sem… sempal sempil
Ari pil… pilem rame
Ari me… meja makan
Ari kan… kantong kosong
Ari song… songsong lampu
Ari pu… puakpaok
Ari wok.. wok berewok/Cen..wok

Perepet Jengkol

Perepet Jengkol Jajaehan
Kadempet Kohkol/…tol Jejeretean

Ojok Ojok Uang Aung
Ojok – ojok uang aung
Ngarorojok nu disaung
Ojok-ojok undar andur
Ngarojok nu keur tandur
Ojok-ojok umbet-ambét
Ngarojok nu ngarambét
Ojok-ojok uat-aut
Ngarojok nu dibuat
Ojok – ojok ata utu
Ngarorojok nu keur nutu
Ojok-ojok unggang anggéng
Ngarojok nu keur nonggéng
Ojok-ojok ucad aced
Ngorojok nu aced-acedan

Oel Ole Ogong
Ole-ole ogong Melak cabe di Tarogong
Dihakan ku embe ompong
Diteang kari sapotong
Au-au eheng Beuleum cau tutung geheng
Embe-embe domba
Anak sapi tutunggalan
Ema-ema weya Si Sahi kabuhulan
Hayang geura diinuman
Embe-embe doma Anak sapi tutunggalan
Ema-ema weya
Si Sahi pupundakan
Ku baturna ditumbukan…

Oray Orayan 1
Oray orayan
Oray naon …oray bungka
Bungka naon…bungkalaut
Laut naon…laut dipa
Dipa naon…dipandeuri

Oray Orayan 2
Oray-orayan luar leor mapay sawah
Entong ka sawah parena keur sedeng beukah
Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi…anu mandina pandeuri
Trang-trang kolentrang

Bubulaoan
Bubulaoan Si semar maling gunting
Guntingna kabulaoan
Ta eem te eem
Sidakep bari balem


Ambil-Ambilan

Ambil-ambilan
Turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil kami mah teu boga incu
Boga ge anak pahatu
Pahatu ge daek
Purah nutu purah ngejo
Purah ngasakan baligo
Nyerieun sukuna
Kacugak ku kaliage
Aya ubarna kulit munding campur dage tiguling nyocolan dage

Ayang Ayang Gung
Ayang ayang gung
Gung goongna rame
Menak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

Aya Hiji Kurung

Aya hiji kurung
pinuh ku japati
japati kaluar
disada uok uokan
Alim karamana
alim ka ibuna
hoyong kaputrana
nu centik bulu socana

Tat Tit Tut 1
Tat tit tut
Daun kanyere
Saha nu hitut budak awewe
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut

Tat Tit Tut 2
Tat tit tut
Daun Kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut

Gaduh Boneka
Abdi teh ayeuna
gaduh hiji boneka
teu kinten saena
sareng lucuna
Ku abdi dierokan
erokna sae pisan
sumangga tingali
boneka abdi

Bulantok
Bulantok-bulantok …bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok
Bulantok-bulantok…aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting …Aya bulan sagede piring

Mukakeun Lawang Angin
Pa Deong Pa Deong
Pangmukakeun lawang angina

Tongtolang Nangka
Tongtolang nangka
Kawinan bapa
Poe salasa
Teu beja-beja
Aduh aduh si Bapa
Teungteuingeun ka Ema
Bapa mah suka suka
Jeuh nu ngora

Ucang Angge
Ucang ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Pa Lebe
Ari gog gog cungungung


Sigana masih seu-eur keneh kakawihan Barudak Sunda baheula,namung anu ku simkuring dipedar didieu sabagian kakawihan kaulinan barudak anu aya di kampung Blok Pareman,kapungkur Desa Cibaduyut kecamatan Dayeuhkolot,ayeunamah Kelurahan Mekar Wangi Kecamatan Bojong Loa Kidul Bandung,oge hanjakal kampung simkuring teh parantos kakuriling ku komplek perumahan Mekar Wangi,...kamana sawah oge balong anu upluk-aplakna,tangkal kalapa anu lobana..ngurek,ngobor belut,ngadu langlayangan,..duh wa-as.

Salam baktos kasadaya wargi simkuring di kampung Blok Parenman oge sadayana turunan Ki Sunda dimana bae ayana,hapunten anu kasuhun,boh sok bilih aya panambih kakawihan nana mangga lebetkeun dina kolom komenter,Haturnuhun,.
Wassalau'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh.

Posting Komentar untuk "Lagu Kawih Kaulinan Barudak Sunda Jaman Baheula Kumplit"