Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh pidato bahasa Sunda penerimaan dari wakil calon pengantin wanita (1)

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
https://www.mawarnada.com
Berbagi itu indah, salah satu slogan yang sering digaungkan para Blogger. Berbagi bukan hanya dengan materi harta duniawi tapi terkadang hanya dengan suatu kisah, cerita pengalaman sendiri, naskah, artikel, tutorial ataupun tips dan trik. Meskipun dengan masalah yang sederhana untuk sebagian pembaca (Sapira, pira ogé anu kieu).

“Ngaléngkah ku hal sapira mungguhing jalma, sugan jeung sugan mangpaat keur diri malahmandar keur balaréa”

Alhamdulillah, sambutan pembaca sangat luar biasa untuk contoh pidato Bahasa Sunda yang sebelumnya pernah saya buat, dan sambutan itulah sebagai motivasi untuk membuat contoh sambutan Bahasa Sunda penerimaan dari calon pengantin wanita

- Contoh 1, Pidato sambutan Bahasa Sunda penyerahan calon pengantin pria
- Contoh 2, Naskah pidato sambutan Bahasa Sunda penyerahan calon pengantin pria

Naskah pidato penerimaan dari wakil calon pengantin wanita
 Bismillahirrahmanirrahim
Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
*Mukadimah pidato, bebas. Atau ini hanya contoh
Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina wamaulana Muhammadin wa ‘ala alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’dah.

Sateuacana simkuring ngawaler naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon pangantén pameget, langkung tipayun urang sanggakeun puji sinareng syukur ka dzat Illahi Robbi, Alloh SWT.

Salam sinareng sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka Habibana Nabiyana Muhammad SAW, kasadayana kulawargina, kasadayana para sahabatna. Mugia urang anu sami tumut manut kana ajarana kasinugrahan safa’at ti anjeuna engké di yaumil ahir, Amin ya robbal ‘alamin.

Alhamdulillah, urang sami taysakur kana sagala rupi ni’mat anu parantos dipaparinkeun Alloh SWT, utamina ni’mat Iman sinareng Islam. Ogé tasyakur ku tiasa patepung lawung paamprok jonghok patepang raray disarengan pataréma panangan dina ieu waktos, kalayan aya dina kasalametan sareng kalancaran. Mugia ieu sing janten salah sawios kani’matan ti manteNa.

Saestuna teu aya anu kaleresan, sanaos dinten ieu mangrupi nyumponan patali jangji anu kantos pasini antawis dua kulawargi, utamina calon pangantén anu parantos saati. Namung jalma saukur kagungan rencana, du’a sareng ihtiar sagalarupina mungguhing Alloh SWT anu ngersakeuna.

Mugia rohmah, maghfiroh sinareng berkah dipaparinekun ka urang sadaya, hususna ka dua calon pangantén. Ogé mugia kempelna urang di ieu patempatan sing langkung ngiatkeun silaturahim, Amin ya robbal ‘alamin.

Bapa bapa, ibu ibu sadaya rombongan anu ku simkuring dipihormat, teu hilap ka para sepuh, tokoh masyarakat ogé réngréngan pangurus ieu wewengkon, ka panata acara anu parantos maparinan waktos, ka para ustadz ustadzah, alim ulama anu urang sami takjim ka anjeuna.

Hususna ka sepuhna ogé ka calon pangantén pameget, haturan wilujeng sumping kasadayana, panyuhun hapunten anu kasuhun tina samudaya kakirangan komo dina kalepatanana, bilih kirang upami dina panampiana.

Anu salajengna, simkuring asmana kulawarga Bapa… (Sebutkan nama Bapak calon pengantin wanita), sareng Ibu…(Sebutkan nama Ibu calon pengantin wanita), ngupingkeun sareng nyakséni kana naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon pangantén pameget. Ti kawit nyanggakeun cacandakana dugika nyérénkeun jinisna calon pangantén pamegetna.

Simkuring anu kapeto ku ibu ramana calon pangantén istri anu wastana néng…(Sebutkan nama calon pengantin wanita), ngaraos bingah anu teu aya wates wangena. Bingah tiasa kasumpingan tatamu anu sakieu hormateuna, ogé bingah wiréhna calon pangantén pameget parantos aya dipayuneun urang sadayana.

Saéstuna sok sanaos indit ngaligincing, datang teu jingjing teu bawa saur paripaosna. Eta sanés nu utama, anu pentingna sumpingna Cép … (Sebutkan nama calon pengantin pria) disarengan anu aya dina lebet acingna hé hé hé . *)Hapunten bilih wéh badé ditambihan heureuy sakedik (Acing=Celana Bahasa Indonesia).

Tadi kadangu ku urang sadayana, ti kawit dugika réngsé sepuhna Cép... (Sebutkan nama calon pengantin pria), nyanggakeun cacandakana sareng jinisna. Simkuring asmana ibu ramana sinareng kulawargina Néng… (Sebutkan calon pengantin wanita). Nampi kalayan kabingahan, disuhun dina emun emunan ditarima pisan kudua dampal panangan sagala rupina.

Mangrupi pamungkas ieu carita, simkuring sakali deui neda hapunten anu kasuhun tina kakirangan sinareng kalepatana, bilih kirang dina pangbagéa panampiana *)bilih luhur saur bahé carék, aya basa anu kirang merenah kana manah ibu bapa, simkuring asmana pribadi sareng kulawargi calon panganten istri nyuhunkeun disihapunten.

#Heureuyna, bilih badé digentos ku *)Bilih aya anu kasiku bujur, katajong bobokong, karumpak taktak, kaléngkahan manah. (Mung kedah ningali heula kana Sikon).

Mung sakitu anu kapihatur (Tutup Ku du’a sareng salam)

Hapunten kagegelan, saukur kamandangan simkuring ieu mah
- Sakaterang simkuring biantara sambutan dina nikahan mah osok jual meuli. Maksadna antawis anu nyérénkeun sareng nu nampi nyambung eusina, sanaos teu sadayana.
- Badé dipanjangkeun dipondokeun mangga, mung ilaharna osok kawagel ku waktos sareng acara liana, komo saupami aya rundown acara. Urang kedah ngiringan kana katangtosana, kitu panginten.

Demikian semoga bermanfaat, semua uraian di atas hanya contoh yang jauh dari sempurna. Beritahu saya jika salah agar segera dilakukan perbaikan, atau jika ada pengalaman lain, saran, komentar dan masukanya silahkan tulis di kolom komentar.

Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

Posting Komentar untuk "Contoh pidato bahasa Sunda penerimaan dari wakil calon pengantin wanita (1)"