Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

SMS/BBM Lebaran Bahasa Sunda Dan Indonesia Terbaru

Assalamualaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh
http://www.mawarnada.com/
Meminta ma'af dan mema'afkan seharusnya bisa kapan saja, tidak perlu menunggu Ramadhan atau Iedul Fitri (Lebaran), namun memanfaatkan suasana Ramadhan dan Iedul Fitri untuk menjalin kembali Silaturahim yang pernah terputus seakan sudah menjadi kebiasaan dan ini mungkin merupakan salah satu berkah dari Ramadhan dan Iedulfitri.

Namun dengan berkembangnya teknologi saat ini, penggunaan gadget seakan sudah dianggap legal? dalam pengiriman ucapan selamat atau hal lain yang dianggap penting, baik berupa pesan tertulis, gambar ataupun video call, meskipun dalam kenyataannya untuk kerabat tertentu banyak yang melakukan dua langkah sekaligus baik melalui media tersebut maupun bertemu secara langsung.

Memanfatkan teknologi seakan menjadi media perantara yang sangat diminati saat ini, selain lebih cepat dan mudah, dengan jangkauan lebih luas karena relative murah untuk jarak tertentu, meskipun sebenarnya lebih baik dan akan lebih bermakna bila kita bisa meluangkan waktu bertemu langsung dengan niat silaturahim, apalagi untuk memohon ma'af dan do'a (Sungkem) pada kedua orang tua dan keluarga terdekat.

Nah, bagi anda yang membutuhkan contoh SMS Lebaran atau Ucapan Selamat Merayakan Iedul Fitri, silahkan untuk memilih contohnya di bawah yang bisa di sesuaikan kembali kalimatnya menurut selera kita masing-masing

Silahkan semua contoh ini anda simpan untuk jaga-jaga bila keluarga, teman ataupun sahabat mengirim SMS Lebaran atau Idul Fitri, jangan sampai kehabisan bahan..:D, dan untuk menghindari kalimat SMS terutama jawaban seperti : nuhun, sami2, sami-sami, sama-sama, sama2, trims, terimakasih, sedangkan kita menerima SMS cukup panjang.

SMS Lebaran Terbaru Bahasa Sunda
Najan diri teu katingali, ragana henteu katingal
Ati bersih jadi saksi, rasa karasa ngajadi rumasa
Meredih ku wening galih, mugia salira kersa ngahapunten kana hilap sinareng dosa jisim abdi sakulawargi, haturan wilujeng Boboran Shiam 1438 H.

Ayeuna mangsa anu lugina, genah merenah tur tumaninah
Urang silih balubarkeun tina sagala rupi hilap sinareng dosa.
Minal aizin wal faizin,hapunten lahir sinareng bathin.

Taqabbalallahu minna wa minkum,
Shiyamana wa Shiyamakum.
Ja’alanallaahu Minal Aidin wal Faizin
Jisim abdi sakulawargi neda dihapunten tina samudaya kalepatan
Mugia urang sadaya kasinugrahan Rohmah sinareng Maghfiroh Alloh SWT,
Amin ya robbal 'alamin.

Taqabbalallahu minna wa minkum,
Shiyamana wa Shiyamakum.
Ja’alanallaahu Minal Aidin wal Faizin

Kapihatur Apa sinareng Ema
Ieu ingkang putra bade wakca balaka
Ingkang putra rumaos seueur lepat sinareng dosa
Mugia Apa sinareng Ema wening galih ridho manah
Ingkang putra neda panghampura tina salah sinareng Dosa
Sembah sungkem kapayuneun Apa sinareng Ema
Mugia Alloh SWT ngahapunten urang sadaya
Wilujeng Boboran Shiam 1438 H

Maksad nyodorkeun dua panangan,kuperantawisan buana maya
Manah ngait ka Alloh SWT,anu boga urang sadaya
Neda panghampura anu diseja,mugia mantena ngahapunten urang sadaya
Wilujeng Boboran Shiam 1438 H

Meletekna panon poe anu ngahudang rasa,rasa rumasa kuloba salah jeung dosa
Wanci anu pasti,mangsa anu sampurna,urang silih balubarkeun salah jeung dosa
Mugia Alloh SWT ngahapunten urang sadaya
Taqabbalallahu minna wa minkum,Shiyamana wa Shiyamakum.

Saestuna Alloh SWT moal ngahampura,sateuacana pataremana dua panangan
Wening galih anu dipamrih,ridho manah anu diseja
Nyanggakeun dua panagan kuperantawisan buana maya
Hapunten anu kasuhun,dina samudaya kalepatan
Minal aizin wal faizin,hapunten lahir kalayan bathin.

Kadang luhur saur teu ka ukur,
Ucap basa teu merenah kana manah
Waktos anu lugina,kangge silih balubarkeun salah sareng dosa
Wilujeng boboran shiam 1438 H
Minal aidin wal fa idzin,hapunten lahir sareng bathin.

Hiliwir angin anu ngadalingding
Ngahear-hear ngahudang rasa
Rus-ras kana khilaf sareng dosa
Mugia allah swt ngahapunten urang sadaya
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Bilih aya tutur saur nu teu kaukur
Reka basa nu pasalia
Laku lampah nu teu merenah
Neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H

Sugrining runtah kalepatan dina manah
Nyeri peurihna ati sanubari
Mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Taqobalallahu minaa waminkum.

Simkuring sakulawargi………………ngahaturkeun
Wilujeng boboran shiam 1438 H
Neda hapunten dina sagala rupi kalepatan
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Neda ageung cukup lumur
Neda panghampura anu diseja
Mugia kersa ngahapunten samudayaning kalepatan
Minal aidin wal faidzin,hapunten lahir sareng bathin.

Usik malik kersaning gusti ringkak polah alloh swt nu boga
Nyodorkeun dua panangan,
Neda panghampura anu diseja
Mugia allah swt ngahapunten urang sadaya
Minal aidin wal fa idzin,hapunten lahir sareng bathin.

Sumujud kanu agung
Sumembah kanu kawasa
Usik malik kersaning gusti
Daya upaya Allah SWT nu boga
Diluhur sa usap rambut
Dihandap sahibas dampal
Nyanggakeun sadaya-daya
Anging Alah SWTanu kagungan-nana
minal aidin wal fa idzin,hapunten lahir sareng bathin.

Kadang jangji anu teu pasini
Kadang basa anu sok sulaya
Wening galih anu di pamrih
Leahna manah anu di seja
Mugia kersa ngahapunten,simkuring……..sakulawargi
Wilujeng boboran shiam 1438H
Minal aidin wal fa idzin,neda hapunten lahir sareng bathin.

Jumerit ati ka gusti maha suci
Sadrah sumerah kanu kawasa
Namprakaeun dua panangan
Nyuhunkeun pang hampura gusti
Wilujeng boboran shiam 1438 H
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.
Simkuring……sakulawargi.

Wening galih anu di pamrih
Jembar manah anu diseja
Bilih aya laku anu teu luyu
Komo lampah anu teu merenah
Kasiku catur,katajong omong sinareng karumpak manah
Hapunten samudaya kalepatan
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Niti wanci anu mustari
Ninggang mangsa anu sampurna
Waktos anu lugina
Kangge ngabalubarkeun khilaf sinareng dosa
Neda dihapunten samudaya kalepatan
Wilujeng boboran shiam 1438 H
Minal aidin wal fa idzin,neda hapunten lahir sareng bathin.

Niti wanci nu mustari
Ninggang mangsa nu sampurna
Dina Boboran taun ieu..
Hayu urang sami-sami ngaberesihkeun rereged ati tina khilaf sinareng dosa.
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Mipit amit seja nurih kapeurih ati
Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa
Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqoballhu minna waminkum, taqobalahuyakarim.

Najan panangan teu amprok
Basa teu nyapa
Raray teu tepang
Hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun
Diri silih sucikeun, mugia urang sadayana janten jalmi nu taqwa.
Wilujeung Boboran Shiyam 1438 H,
Hapunten lahir sinareng bathin.

Ngeunteung na raga katineung
Nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa
Breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan.
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Neda sihapunten lahir sinareng bathin.

Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Iedul Fitri,
mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri.
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Hapunten samudaya kalepatan.

Laligarna tarate dina talaga hate
Nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum,Shiyamana wa shiyamakum.

Batin nu usik nyaliksik diri
Bilih kasabit kaciwit ati
Karumpak ungkara basa
Kadudut kalindu qalbu
Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Hapunten samudaya kalepatan.

Ngahaturakeun Wilujeng Boboram Shiyam 1 Syawal 1438 H
Bilih kantos nyungkelit dina ati
Tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku simkuring,
Mugia ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.

Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H
Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

Sanajan raga paanggang,teu bisa amprok dampal panangan.
Ngan saukur bisa ngirim surat,chating, BBMan jeung SMSsan.
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan,neda dihapunten samudaya kalepatan,
Wilujeung Boboran Shiyam 1438 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan.
Jisim abdi sakulwargi ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.

Wening galih nu dipamrih,
Jembar panalar nu diteda,
Kana laku nu teu luyu,
Kana lampah nu sulaya,
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Wening galih nu dipamrih,
Jembar manah nu diseja
Mugia agung cukup lumur jembar panghampurana
Neda panghapunten samudaya kalepatan lahir tumakaning batin,
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.

Mugi cukup lumur jembar pangampura,
Bilih aya bobor sapanon carang sapakan,
Neda dihapunten samudaya  kalepatan.
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.

Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama Islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim, neda pangampura kasadayana
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.

Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Kaluluputan kalelepatan simkuring sakulawargi,
Wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi,
Hampura diri ka gusti nu maha suci,
Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri,
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.

Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama,nyucikeun panyakit ati,balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin.
Wilujeng Boboran Shiyam 1438H.

Tina weningna ati nu surti,tina mumunggang rasa nu ageung rumasa,bilih aya tutur saur nu teu kaukur,aya lampah nu teu merenah,tur lisan nu ngaraheutkeun manah,neda pangapunten lahir tumekaning batin,mugi luntur qolbu jembar pangampura.
Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.
Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

Mipit amit seja nurih kapeurih ati,malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.
Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqoballhu minnawaminkum,taqobalahuyakarim.

Bilih aya luhur saur bahé carék,tutur nu teu kaukur,laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah,di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin,hayu urang mapag 1 Syawal 1438 H ku kabungahan tur kaikhlasan.

Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur,ligar manah ku kaikhlasan,tiasa ngalubarkeun,tina sanes kanten samudaya kalepatan,inggis catur teu kaukur,lampah lali nincak salah,neda sihapuntenna. Wilujeng Boboran Shiyam 1438H.

Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H,
Minal aidin wal faizin.
Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

Taya basa nu bisa direka,taya saur nu bisa jadi pangjajap catur,lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiyam” neda dihapunten lahir tumekaning bathin.

Bilih kantos kasisit sebit kana ati,kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur,tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1438 H.

SMS Lebaran Terbaru Bahasa Indonesia
Mawar berseri dipagi hari
Pancaran putihnya menyapa nurani
SMS dikirim pengganti diri
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Jika hati sejernih air, jangan biarkan ia keruh,
Jika hati seputih awan, jangan biarkan dia mendung,
Jika hati seindah bulan, hiasi ia dengan iman.
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin

Melati semerbak harum mewangi,
Sebagai penghias di hari fitri,
SMS ini hadir pengganti diri,
Ulurkan tangan silaturahmi.
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Andai jemari tak sempat berjabat.
Jika raga tak bisa bersua.
Bila ada kata membekas luka.
Semoga pintu maaf masih terbuka.
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Gadis menyulam diatas kain
Seindah bunga dalam jambangan.
Walau hanya sms yg saya kirim
Serasa kita berjabat tangan tangan.
Minalaidzinwalfaidzin, mohon maaf Lahir dan Bathin

Sayup terdengar takbir berkumandang
Tanda ramadhan akan lewat
Ampunan diharap, barokah didapat
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Sebelum takbir berkumandang
Sebelum ajal menjemput
Sebelum jaringan over load
Ijinkan kami memohon maaf lahir dan bathin

Salah kata pernah terucap,
Salah sikap pernah terungkap,
Sembali fitrah selalu di harap
Selamat idul fitri 1438 H, minal aidin wal faizin.
Mohon maaf lahir dan batin.

Teriring gema takbir memuji kebesaran allah swt
Kami mengucapkan selamat hari raya idul fitri
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Satukan tangan, satukan hati
Itulah indahnya silaturahmi
Di hari kemenangan kita padukan
Keikhlasan untuk saling memaafkan
Minal Aidin Wal Fa Idzin,Mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Bila ada langkah membekas lara.
Ada kata menusuk sukma.
Ada tingkah menoreh luka.
Mohon di maafkan segala kekhilafan.
Minal Aidin Wal Fa Idzin,Mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Harta paling berharga adalah sabar
Teman paling setia adalah amal.
Ibadah paling indah adalah ikhlas.
Identitas paling tinggi adalah adalah iman.
Pekerjaan paling berat adalah memaafkan.
Mohon maaf atas segala khilaf
Minal Aidin Wal Fa Idzin, mohon maaf lahir dan batin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Tiada kemenangan tanpa zikrullah
Tiada amal tanpa keikhlasan
Tiada ampunan tanpa maaf dari sesama
Minal aidzin wal faidzin, mohon maaf lahir dan bathin
Taqqobalallahu minna wa minkum, shiyamana wa shiyamakum.

Demikian, semoga bermanfaat, bila ada yang ingin menambahkan silahkan masukan di kotak komentar atau hubungi alamat email di Kontak, terimakasih.

Wassalamaualaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh.

Posting Komentar untuk "SMS/BBM Lebaran Bahasa Sunda Dan Indonesia Terbaru"